Hayam Nu Can Dibayar

“Kang , lamun euweuh dengeunamah , budak teh tong di harudangkeun Saur , Karunya ! “ , Sora pamajikan teh kadenge keneh nongtoreng ,napel na ceuli. Teu ieuh ditembalan ,da puguh teu boga keur pijawabeunana . Srog kakamar ,nyuaykeun hordeng , barudak katingali geus sarare , patunjang-tunjang dina samak saheulay . Kaluar ti imah , pipikiran jadi tambah baluwen...g . Wanci geus nyedek ka tengah peuting , warung tatangga hiji-hijina nu sok bisa keneh dianjukkan geus di gantelan ku konci gembok .Tadinamah rek maksakeun nganjuk sarden sakaleng , keun wae masalah era ,jeung nempo beungeut kuraweud hasem Bi Karsih mah da geus biasa . Ngarasa geus pungkas pangharepan ,antukna kuring mawa suku , muru ka pos ronda nu geus lila tara ieuh dieusian . Keur Anteng ngumbar lamunan,ti palebah heleran pak Haji Sobana , bet aya jelema ngaringkang , bari mamanggul karung .

“ Aeh … , ningan Mang Katma ! ,nyandak naon Mang ! “
“ Nyandak hayam icaleun , Jang ! “ jawabna pondok , semu kuram kireum .
“ Kaleresan Mang , Manawi tiasa , ngeclok mah hiji , abdi peryogi pisan ! “
“ Atuh Mangga , Jang , Mangga ,Milihan ! “

Balik ka imah ,bari ngajingjing hayam jajangkar , hate kebek ku kabungah , teu talangke hayam gancang di peuncit , diberesihan jeung diteukteukan . Geus kabayang pisakumahaeun bungahna barudak jeung pamajikan , moal teu dikalecrokan nepi katulang-tulangna .
“ Hudangkeun Barudak ! , geus asup wanci saur ! “
“ Naha aya kitu dengeunna Kang ? “ ceuk manehna , bari kuniang hudang .Ningali barudak dahar semu ponyo jeung daging hayam , hate mah bet ngarakacak .Ras inget ,asa ku hese ningan hayang mere kabungah ka maranehna teh .

Kagumbiraan waktu saur teh si horeng kudu di bayar mahal . Basa isuk-isuk pamajikan datang hariweuweus ,mere beja yen …Mang Katma , di cerek ,di bawa ka kantor pulisi , sabab katohian , maling hayam di lembur Pasir Bungur .
Kuring ngan bisa ngahuleng , bari jangji , rek rajin ngalongok mang Katma di pangberokan !